Minggu, 22 Mei 2011

Dongeng:


Supa Suung
 
Aya hiji wewengkon anu katelah Legok Cenang, eta wewengkon teh deukeut pisan jeung pasir Bisul anu aya di kampung Manaboa.
            Di hiji poe, dina wanci haneut moyan, ti kajauhan katingali aya hiji jajaka anu keur ngalamun bari nangkeup tuur tya lian ngran eta jajaka teh Kabayan. Teu kungsi lila, eta jajaka teh hudang bari gagaro teu ateul mikiran hiji beja.
            Tunda heula kaayaan eta jajaka, kiwari urang pedar hiji beja anu keur dipikiran ku si Kabayan.
            Caricangkas disarada menikeun ka reang mapaes kaayaan pasosore di hiji Karaton. Di jero Karaton aya hiji Puteri anu keur ngadaweung dina singgasana. Eta Puteri teh keur mikiran tutuwuhan karesepna, nyaeta supa suung.
            “Duh isukan di pipir aya supa suung teu nya?” pokna eta puteri. Lilana puting dina ieu carita teu kacatur, urang kocapkeun bae kaayaan isuk-isuk. Si Puteri teh kulantang-kulinting di pakarangan pipireun Karaton nengan supa suung. Lamun diukur ku waktu si Puteri teh geus sa jam nengan supa suung teh, tapi keukeuh we teu manggih. Kira-kira saminggu lilana si Puteri teu manggih supa suung nikakeun runga-ringeu teparariguh. Tah, eta beja teh kadenge ku si Kabayan.
            Si  Kabayan ngalamun mikiran eta beja. “Asik, aing nyaho” ceuk si Kabayan bari ngarenjag, “Aing boga akal eung” si Kabayan bangun bungah.
            Ayeuna urang kocapkeun dina kaayaan mangsa alam janari kira-kira jam 3-an. Sora jangkrik, caricangkas, disarada menikeun ka reang, angin leutik ngahiliwir nebak dangdaunan bari mapaes kaayaan janari anu kacida tirisna. Dina kaayaan poek mongkleng, di handapeu tangkal kai katingali aya hiji tangtungan manusa anu keur ngagali taneuh tuluy guburkeun meneh tapi aya hiji anggahota awak anu di tongholkeun ka luar. Para kaum dangu sadayana, dina ieu carita te kacatur kumaha cara nguburkeunnana. Tah, kiwari urang jojo ringkesna bae, ieu carita urang kocapkeun  dina kaayaan isuk-isuk.
            Sora embe pating berele, siga nua tacan diparaban ku nu bogana, cai ibun ngeclakan di pipir karaton, dina kaayaan isuk harita, panto pipir karaton muka. Katingali aya hiji wanoja anu geukis campernik taya lian, eta wanoja teh Puteri anu ngageugeuh eta Karaton.
            “Poe ayeuna aya supa suung teu nya?” pokna Puteri bari gudag-gidig. Ti kajauhan dina handapeun tangkal kai katingali aya nu mucunghul dina taneuh. “Asik, aya eung” pokna Puteri bari muru eta supa. Sanggeus tepi ka handapeun tangkal kai, si Puteri langsung nyoo sabari ngusapan eta supa. “Aeh-aeh, naha ieu supa teh jadi ngagedean, jaba rada haneut deuih. Boa-boa ieu teh supa ajaib, keun antep ah isukan urang teang deui.”  Ceuk Puteri bari asup ka Karaton. Tah, para kaum dangu, eta supa suung teh saenyanamah lain supa, tapi eta teh bobogaan si kabayan aynu di pucunghulkeun ka luar tea.  Teu kungsi lila, sanggeus Puteri asup ka Karaton si Kabayan langsung hudang tina panyicingannana. Si Kabayan buru-buru make calana tuluy manehna langsung balik.
            Di pilemburan, si Kabayan nyaritakeun kajadian anu dialamannana ka balarea, terutama ka batur-baturna. Laku lampah si Kabayan diturutan ku para pemuda jeung kolot-kolot, utamanamah kaum Adam anu aya di eta kampung Manaboa. Lalampahan maranehna teh teu beda jeung laku lampah si Kabayan. Kocpkeun dina kaayaan isuk-isuk di wewengkon pipireun Karaton. Puteri ngarenjag, sabari neuteup heran ka pakarangan. “Duh naha loba-loba teung ieu supa teh, ngeunah meureunya lamun di pais.” Cek si Puteri ngomong dia jero hate. Si Puteri gageroan para ponggawa bari nitah pang babadkeun supa. Kalayan teu asa-asa para ponggawa ngababad eta supa, anu pdahal eta teh bobogaan para kaum Adam anu aya di kampung Manaboa.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar